torototheong

Media Berbagi Semoga ada Manfaatnya ...

Breaking

Monday 10 October 2022

NINI ATING DIBABUK PARANG

NINI ATING DIBABUK PARANG


Geus aya kana sapuluh taunna Nini Ating hirup nyorangan. Hirup sorangan jaba geus kolot asa nalangsa pisan, komo lamun mangsana kasorang panyakit, gustiiiii teuing euweuh batur pakumaha.


Hiji waktu aya Jang Adun liwat hareupeun imahna. Jang Adun teh sesebutan Nini Ating pedah umurna sahandapeun padahalmah geus kolot leuwih ti genep puluh taun, Aki Adun we pantesnamah meureun ...hehe.


Pas Jang Adun ngaliwat, Nini Ating kaluar panto, serengeh Jang Adun seuri bari terus ngungkug ka kulonkeun. Seblak hate Nini Ating ngagurileng. Apa yang selama ini layu dihatinya terasa segar dan bersemi kembali ... haha.


Nini Ating asup deui ka jero imah bari nungkrup dadana ... hati nya bergetar, jantungnya berdetak 3 kali lipat dari biasanya. 


Tas timana atuh eta Jang Adun, hanjakal teu diandeg, ..... kitu dina pikir Nini Ating. Tisaprak harita Nini Ating kaedanan ku Jang Adun, kaedanan ku  gurilap seurina harita basa liwat. Dina pikir Nini Ating pasti Jang Adun neundeun hate kadua leutik kamanehna. Beda dina seurina beda dina reretna cenah.


Isukna Nini Ating isuk-isuk gesat-gesut dangdan diwedak jeung seuseungitan, dilipen dungdak dengdek salila-lila. Geus ngarasa beak dengkak ngarawel kantong terus kaluar semu rusuh. Nu dijugjugna pertelon jalan ka cai Jang Adun. Ceuk dina pikirna jam sakitu wanci kitu pasti Jang Adun liwat tas ti balong. 


Enya we Adun liwat, nini Ating umat imut bari delak delek tapi adun teu ngareret-reret acan, manehna ngungkug lempang gancang. Nini Ating kecewa manehna mulang bari semu ngalenghoy. Jol ka imah tuluy ngagoler bari tetep ngabayangkeun Jang Adun nu kasep nu imut ceuk pikirna. Nu tadi rada gondok teh kembali berbinar penuh harapan ...

Hiji waktu aya beja Jang Adun gering muriang ... Nini  Ating asa aya jalan komo meuntas pikeun bisa panggih jeung Jang Adun. Manehna ngulub endog, ngaleupeut sagala rupa terus dikirimkeun ka Jang Adun nu cicing di imah lanceukna.

(bersambung ............. hehe)




No comments:

Tetap Jaga Protokol Kesehatan