torototheong

Media Berbagi Semoga ada Manfaatnya ...

Breaking

Tuesday 21 June 2022

Pancakaki: The Term Family Ties In Sundanese

Pancakaki: The Term Family Ties In Sundanese


RUNDAYAN TURUNAN 1. Kuring (Bapa/Indung) 2. Anak 3. Incu 4. Buyut 5. Bao 6. Udeg-Udeg 7. Canggah 8. Waréng/Canggahwaréng 9. Kaitsiwur/Gantungsiwur 10. Gêrpak 11. Tambakgalêng 12. Dêngdêng 13. Jumlêng 14. Amlêng 15. Pet Ku Hinis 🌾Istilah Pancakaki🌾 1. Rundayan Atawa Turunan -Anak, turunan kahiji. -Incu, turunan kadua, anakna anak. -Buyut, anak incu. -Bao, anakna buyut. -Janggawaréng atawa canggahwaréng, anakna bao. -Kaitsiwur, anak janggawaréng 2. Ka luhur -Bapa, lalaki nu boga anak, salaki indung. -Indung, awéwé nu boga anak, pamajikan bapa. -Aki, bapana indung atawa bapa. -Nini, indungna indung atawa bapa. -Buyut, indung/bapana aki atawa nini. -Bao, indung/bapana buyut. -Janggawaréng, indung/bapana bao. -Kaitsiwur, indung/bapana janggawaréng. 3. Ka Gigir -Adi, dulur sahandapeun. -Lanceuk, dulur saluhureun. -Emang/Paman, lalaki, adina bapa atawa indung. -Bibi, awéwé, adina bapa atawa indung. -Ua, lanceuk bapa atawa indung. -Alo, anak lanceuk. -Toa, anak adi. -kapiadi, anakna emang atawa bibi. -kapilanceuk, anakna ua. -Incu ti gigir, incuna adi. -Aki ti gigir, lalaki, adina atawa lanceukna aki/nini. -Nini ti gigir, awéwé, adina atawa lanceukna aki/nini. -Ua ti gigir, anakna lanceuk aki/nini. -Emang ti gigir, lalaki, anakna adi aki/nini. -bibi ti gigir, awéwé, anakna adi aki/nini. 4. Istilah séjénna -Adi Beuteung, adina pamajikan/salaki. -Dulur sabrayna, dulur misan, anak paman, bibi atawa ua. -Dulur teges, dulur enya, saindung sabapa. -Indung téré, pamajikan bapa, ngan lain anu ngalahirkeun urang. -Bapa téré, salaki indung, ngan lain nu ngalantarankeun urang lahir. -Anak tére, anak sampakan ti salaki atawa pamajikan. -Dulur patétéréan, anak indung/bapa téré. -Cikal, anak panggedéna. -Pangais bungsu, lanceukna bungsu. -Bungsu, anak pangleutikna. -Baraya laér, baraya nu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna. -Teu hir teu walahir, teu baraya saeutik-eutik acan. -Bau-bau sinduk, baraya kénéh, sanajan geus laér. -Dulur pet ku hinis, dulur teges. -Karuhun, luluhur, jalma-jalma anu kungsi aya heulaeun urang.




=======================================

Kita diperintahkan shalat dengan tata cara yang telah diajarkan oleh Nabi shallallahu ‘alaihi wa sallam, beliau bersabda:

“Shalatlah kamu sebagaimana kamu melihatku shalat.” [HR. Bukhari]


Apabila ada yang salah "Mohon Maaf" mudah-mudahan berkenan mengoreksinya ..

No comments:

Tetap Jaga Protokol Kesehatan