torototheong

Media Berbagi Semoga ada Manfaatnya ...

Breaking

Friday 24 June 2022

NU TAMBELAR KA KOLOT

NU TAMBELAR KA KOLOT 


Kirining ... kirining ...

Sora telepon aya sabaraha kalina.


Kuring ngoréjat ngangkat telepon ...

"Aa..aa..!" sora adi kuring bangun aya nu kacida pentingna ..." Kumaha de...?" tembal teh,,, "Saur Ema... Aa dipawarang mulih ayeuna kénéh penting..., soal Bapa". Ranjug ... jantung ratug tutunggulan... sajongjongan kuring cimekblek... rus-ras... ngolébat waruga bapa nu sering uzur kajurung ku umur... kasawang  kadeudeuhna nu taya wates wangenan...


Teu kaampeuh cipanon ngagarajag ... 

Hampura abdi pa ..., abdi rumaos tambelar teu bisa mulang tarima ... ampuun Gustiii... titip anjeunna ... panjangkeun yuswana...


Saba'da ngarenghap eling...gesat-gesut ngoncian panto imah ... nitip konci ka tatangga langsung nyelah motor... sapanjang jalan, ieu haté teu kendat nganteng manco ka bapa ... sieun kumaha onam...


Barang nepi ka lembur, rentang2 katingali bandéra konéng ...,  kasampak loba jelema ... korsi pada  dikaluarkeun. 


Haté wuwuh tagiwur ... cipanon mah geus teu kaampeuh murubut miheulaan... barang eces ningali bandéra konéng ... palangsiang ... tanwandé ...???


Reg...motor langsung disarandékeun di buruan,  teu sirikna asal nyangsang, langsung tuturubun muru imah ... teu tolih pangbagea ti sobat jeung tatangga ... alatan haté tagiwur ...


Barang sup ... Ema langsung ngagabrug ... "Ujang...! Bapa manéh ..." 

"Kumaha Bapa téh Ema...?" ceuk kuring bari nyelek piceurikeun ...


"Bapa manéh Ujang ... kapilih jadi Ketua RW  ..."





Hiburan (sumber chat WA)

No comments:

Tetap Jaga Protokol Kesehatan