torototheong

Media Berbagi Semoga ada Manfaatnya ...

Breaking

Sunday 21 July 2024

ADUH-ADUH ITU BULAN

 ADUH-ADUH ITU BULAN

Kenging : Udiman




Aduh aduh itu bulan bangun nu embung padeukeut

Nembongan ge tukangeun reregan daun

Rajeun imut tapi terus  kumalieus

Padahal ieu kuring geus lawas terus midangdam,

hayang amprok pateuteup ti kadeukeutan


Aduh aduh itu bulan bangun nu resep paanggang,

padahal mah apan kuring butuh pisan 

batur ludeung enggoning nataan jempling.


Aduh aduh itu bulan naha  gancang gancang mulang,

padahal mah ieu kuring butuh keneh genclang anjeun 

enggoning mapayan  kamalir peuting.





-------------------------------------

Kita diperintahkan shalat dengan tata cara yang telah diajarkan oleh Nabi shallallahu ‘alaihi wa sallam, beliau bersabda:
“Shalatlah kamu sebagaimana kamu melihatku shalat.” [HR. Bukhari]

No comments:

Tetap Jaga Protokol Kesehatan