torototheong

Media Berbagi Semoga ada Manfaatnya ...

Breaking

Saturday 10 August 2024

Ilang Dikorowot Mangsa

Ilang Dikorowot Mangsa

Udiman


Geulis geus leungit  kakerid wanci nu manjing nyorang ka burit

Kasep geus seep kasered sang sarangenge nu nyirorot monteng sore


Rambut  napuk  kembang jambu

Beungeut  reuteum  kokoloteun

Kulit miyuni ka jukut riut

Mata ukur samar samar panenjona

Ceuli ukur lapat lapat  pangdengena


Jag jag ilang, beak katarajang mangsa

Lengkah nyangkorah suda tanaga


Beak!,ilang dikorowot mangsa.

Nu nyesa kari kahayang dibarung jauh lamunan





Salam sehat dan tetap semangat !



No comments:

Tetap Jaga Protokol Kesehatan