torototheong

Media Berbagi Semoga ada Manfaatnya ...

Breaking

Thursday 2 December 2010

Carpon : LANGSUNG JAGJAG



LANGSUNG JAGJAG
Carpon:
Ti poe ka poe jalma nambahan ngaraleut pabuburit muru lapang maen bal. Nini-nini, aki-aki , kolot, budak ngabring muru hiji tempat , lain rek nongton maen bal tapi rek upaya uubar panyakit sewang-sewangan. Di eta tempat unggal pasosore bada asar di gelar tenda badag ku sabaraha urang nu geus rancingeus pisan tuluy teu sababaraha lila kurunyung “mama anom” minangka jalma nu ceuk beja parigel pisan kana nambaan mangrupa-rupa panyakit. Rek panyakit lahir atawa panyakit bathin sakabehna bisa diubaran kalayan hasil nu kacida pikahemengeunana.
Eta rombongan pengobatan alternative teh ceuk beja mah datang ti Antah Berantah ngahaja muka sarana pengobatan gratis, eta oge ceuk mama anom pedah aya wangsit kudu muka praktek di tempat ieu.
Tangtu wae eta rombongan geus menang idin ti pamarentahan satempat oge di perenahkeun di hiji imah, ngan aya pantangan eta rombongan teu bisa muka praktek salianti di tenda nu digelar dilapang ti wanci asar kasorenakeun. Sakumaha ripuhna teu menang mawa pasen ka imah tempat eta rombongan ngarereb.
“Etamah sarat nu kudu dilakukeun ku eta rombongan di mana wae keur muka praktekna”, kitu ceuk mama anom nu kurang leuwih umurna 30 taunan.
Poe ka hiji ka duamah nu daratang jalma-jalma ceuk istilahna nu gampang percaya kana hal-hal mistik tapi ari poe saterusna nungtutan tepika jalma-jalma ngalarti oge ku elmu akademik jeung elmu agamana laluhur nungtutan daratang milu atawa sakadar nganteur kulawarganan tatamba.
Aya deui kaanehan sejen mun tatamba ka eta rombongan, nyaeta saha nu diubaran bener-bener hak prerogative mama anom. Rek kakara jol oge mun ceuk mama anom katunjuk tuluy diubaran tapi lamun can waktuna sanajan geus datang 3 poe sarta ngagoler ngalelempreh dina taneuh handapeun tenda di antep we da ceuk mama anom percuma lamun can aya wangsit ti eyangna nu aya di lembur Antah Berantah.
“ Duh, kacida teuing si ema geus tilu poe direreyang jaba nyewa kolbak geus sabarahaeun can kabagean wae ditambaan, ari rek eureunan sugan jeung sugan geuwat katambaan”, ceuk mang Dadang nu unggal poe mawa indungna nu geus struk ripuh.
Eta kasus saperti mang Dadang mungkin wae kaalaman ku jalma-jalma sejena, akibatna unggal poe maksakeun indit ka lapang dina harepan bisa aya jodo katunjuk ku mama anom.
Kungsi aya saurang nu gering geus sabaraha poe datang can katunjuk wae, dina hiji poe anakna aya halangan, kadinya deui teh poe isukna, na atuh ceuk mama anom wayahna sigana moal bisa kaubaran sabab bageanana poe kamari anu waktu teu datang tea. Ku sabab kitu ampir unggal jalma nu hayang tatamba maksakeun datang unggal poe balukarna beuki ngaliud luar biasa. Kayaan kitu the rada kaharti da memang nu datang teh najan teu langsung “dicabak” ku mama anom ari cai dina toples mah pasti kabagean anu poe isukna eta toples kudu dibawa deui pikeun meunang cai tamba anu nayar, anu cenah mun geus nginum eta cai awak karasa harampang, ceuk nu geus ngarasaan. Eta cai Gratis tis tis tis … tapi lamun nu geus ngarasa “dicabak” sarta butuh minyak-minyak ramuan pikeun pangobatan nu leuwih paten disayagikeun mangrupa-rupa harga.
“Tapi najan henteu meuli minyak ramuan oge teu nanaon etamah penjagaan wungkul bisi hiji waktu iraha-iraha panyakit karasa deui”, Kitu ceuk mama anom ka balarea
Ongkoh deui beja beuki nerekab ngalegaan. Ti luar desa oge ti luar kacamatan mimiti daratang. Rek teu kitu kumaha sabab pangobatanana kacida ahengna. Nu paling matak narik waktu aya jalma nu gering ripuh leuleus lungse teu bisa walakaya, datang kadinyana oge digarotong ku anak incuna tapi sabada “dicabak” ku mama anom langsung jagjag waringkas balikna langsung lempang sorangan naek kana mobil ku soranganana, anak incuna naluturkeun. Kajadian ieu nyata disaksian ku jalma rea malah kuring sorangan nyaksian kana kajadian nu kawilang aheng eta.
Tah ti poe harita nu daratang beuki loba, aya memang nu ngan ningali wungkul bari pinuh tanda tanya. Tapi pikeun jalma nu boga panyakit komo panyakit nu kasebutna ripuhma panyakit beurat maksudteh sigana tungtungnamah hayang nyobaan milu ngariung handapeun tenda sugan katunjuk ku mama anom atuh sabehdieueunanamah sangkan menang cai ubar dan cenah ari ku remen mah ku cai ubar wungkul oge bisa ngalengitkeun panyakit nu nyangkaruk dina awak.

Kacaritakeun pangalaman mang dahlan tatangga kuring nu ayeunamah geus jenatna, harita milu tatamba jeung rombongan sakolbal pagelek-gelek. Harita mang Dahlan kasorang struk tapi geus rada cager nu nyesa teh mapah can jagjag bari mun ngobrol rada balelo. Basa ku kuring ditanggap harita mang dahlan ngadongeng mani sumanget pisan. Kieu dongengnateh:
“ Kuringmah ka asup untung dibanding jeung baturmah, sabab sanajan teu langsung dicabak ku mama anom poe kahiji langsung dicarabak ku asisten mama anom. Di pencet disasar malah aya carita pikabungaheun yen panyakit kuring gampang cageurna mun geus di cabak ku mama anom ngan aya saratna” ceuk mang dahlan
“naon cenah saratna?”, ceuk kuring panasaran
“memeh dicabak ku mama anom lamun hayang “cageur permanen” wayahna teu meunang nincak taneuh, malah ditanya tumpak naon kadieu?, oge sigana saking ku karunyaeun ka kuring eta asisten mere ongkos jang numpak ojeg lamu poe isuk kadieu, kana ojeg teh sangkan bisa asup ka lapang tapi ulah deukeut teuing ka tenda cenah, wayahna asup katenda mah supaya ulah nincak taneun kudu digotong bae ke lamun geus mama anom datang, samemeh mama anom datangmah wayahna ngadagoan wae dina motor ulah turun malah lamun bisa mah sing pas datangna geus jelema loba daratang sangkan teu cangkeul ngadagoan, kade omat ulah nincak taneuh” kitu pesen ti asisten mama anom teh.
“Kumaha ku mang Dahlan dilakukeun?:
“Ih atuh puguh we, eta sakumaha parentah teh dilakonan”
“Kosi dicabak ku mama anom?, kumaha harita mulangna?”
“Kosi diubaran, mulangnamah mapah we megat angkot da kajeun nincak taneuh oge ari geus diubaranmah”
“Kumaha ayeuna karasana?”
“Asa rada leuheung meueusan”
Kurang leuwih ngan sakitu obrolan harita teh, teu mangkuk sabaraha poe aya beja mang Dahlan geus tilar dunya. Etamah tangtu wae geus waktuna, nepi kana papastena. Teu aya hubunganana jeung naon-naon nu karandapan samemehna. Mudah-mudahan wae mang Dahlan almarhum ditarima Iman Islamna ditempatkeun dina tempat anu mulya mungguh Allah SWT. Amin.
Ngan cenah aya beja deui hawar-hawar teu pajauh waktuna, rombongan pengobatan alternative di usir ku pamarentah desa satempat duka naon alatan nu jelasnamah.

Dina pikiran jalma loba kaasup kuring sorangan sanajan aya beja eta rombongan ka asup “bermasalah” masih keneh nyesa kapercayaan ka eta rombongan saking ku bisana nambaan jalma nu ripuh teu walakaya langsung bisa jagjag waringkas sapada harita.
Ngan kabehdieunakeun inget kana lalakon jenatna mang Dahlan anu kacida tumut kana sarat-sarat anu diparentahkeun nepi ka diongkosan sagala supaya naek ojeg tuluy kudu digarotong da ulah nincak taneuh tea, kapikir meureun ceuk jalma rea harita nu teu apaleun sapopoe mang Dahlan disangkana mang Dahlan gering ripuh teu bisa walakaya. Tuluy sabada diubaran mang Dahlan leumpang ngagandeuang megat angkot mulang ka imahna bari dina pikiranana pinuh ku harepan cageur, teu sadar harita padahal jelema loba marelong hareugeueun..
Beu!

Karanganyar, November 2010 katompernakeun.

No comments:

Tetap Jaga Protokol Kesehatan