torototheong

Media Berbagi Semoga ada Manfaatnya ...

Breaking

Saturday 13 March 2010

PUISI KANG UDI

RUMASA
Karya : Udiman
Mega maleukmeuk geuneuk
Ngahalangan bulan manjing purnama
Cahaya merkuri mubyar koneng
Teu kalis nyacakeun katugenah rasa
Megah kokoh ajeg maturan raga nu sedeng lunges
Angin peuting nyusup tina sela-sela jandela
Ngageuing ngahudangkeun rasa kanu gede rumasa
Kamelang …..!
Hate anjeun hate kuring,
Raga anjeun raga kuring
Nyeri anjeun nyeri kuring
Bagja anjeun bagja kuring
Ngalayang sukma neangan anjeun,
Raga mah taya tangan pangawasa
Ukur nyarita kedal lisan dareuda …!!

Padaherang 2010




No comments:

Tetap Jaga Protokol Kesehatan