torototheong

Media Berbagi Semoga ada Manfaatnya ...

Breaking

Sunday 9 October 2022

DIAWURAN UYAH WANCI PEUTING

DIAWURAN UYAH WANCI PEUTING


Bi Kenoh ditinggalkeun kawin deui Ku Mang Kasdul. Padahal ceuk rasa bi Kenoh manehna teh kurang kumha atuh. Asa teu kaharti ku pikir mang Kasdul kuat ka tega ninggalkeun Bi Kenoh merana tiada terkira he he ...

Teu kacaturkeun perkara Mang Kasdul jeung nu anyarmah, nu puguhmah Bi Kenoh gulinggasahan unggal peuting teu bisa sare tibra lantaran rindu berat luar biasa kepada mang Kasdul. Hate panas membara ngabayangkeun peta jeung rengkak paripolah mang kasdul jeung nu anyar.


Kolebat dina pikir Bi Kenoh rek menta tulung ka kolot sugan aya cara nu matih. Teuing timana jeung kumaha carana nu puguhmah Bi Kenoh geus boga uyah awurkeuneun hareupeun panto imah mang Kasdul. Tapi kumaha carana atuh kapan mang Kasdul jeung nu anyar teh imahna aya kana genep kilo jauhna ti imah Bi Kenoh. Lamun kulungkang kolongkong wanci beurang tada teuing iburna jalma salembur. 


Teu aya deui cara iwal ngawurkeuna wanci peuting. Teu ngingetkeun  kahariwang jeung kasieun, Bi Kenoh indit ti imahna jam 8 peuting. Pasir, sawah, leuweung jeung pamakaman ku Bi Kenoh ditaklukeun, teu sing ngajakan batur da bisi ibur pieraeun engkena. Dijalana manehna eureun eureunan ngareuhreuhkeun ka cape jeung neger-neger kasieun "hanya demi sebuah rindu yang bergolak" haha.


Jam hiji janari srog manehna nepi ka buruan imah pamajikan anyar mang Kasdul. Teu antaparah wur-wur uyah nu ladang ngajampe (duka saha) diawurkeun kana tariktikan hareupeun panto. 


Korejat mang Kasdul ngorejat tina sare tibrana ... 

manehna panasaran aya sora morolok di hareupeun imah. Kulutrak Mang Kasdul kaluar, Bi Kenoh mundur nyumput handapeun tangkal cau. Sabot katingali jelas nu kaluar teh Mang Kasdul sorangan, Bi Kenoh ngurumuy kaluar tina kebon cau bari pok ngomong. Kang Cageur?

Kenoh geunig aya didieu wayah kieu? Mang Kasdul ngadeukeutan neges-neges Bi Kenoh.

Kang, abdi inget bae, hampura mun ngariweuhkeun ... tapi da abdi oge moal lila hayu anteurkeun ku akang ka lembur.

Mang Kasdul ngahuleng sakedeng tapi duka kumaha nu aya dina pikirana nu puguhmah manehna unggeuk tuluy nigtrig nganteurkeun Bi Kenoh mulang ka Imahna.

Teu kacaturkeun salila diperjalanan, ngan isukna aya beja Mang Kasdul nikah balik deui jeung Bi Kenoh. Selamat menempuh hidup baru buat Bi Kenoh dan Mang Kasdul ... Cag ... haha.




No comments:

Tetap Jaga Protokol Kesehatan