torototheong

Media Berbagi Semoga ada Manfaatnya ...

Breaking

Monday 31 May 2010

Puisi : Owah Gingsir



OWAH GINGSIR
Kenging : Uju Gunawan

Basa kuring walurat can boga pangala
Mun rek liar, ngeunteung teh saukur dina kaca jandela
Teu atra... tapi sakadar waruga jelema mah katara.

Lila ku lila

Hasil ihtiar ku kebek tanaga jeung doa...
kuring dipercaya jadi jalma
Malah diparengkeun jadi pajabat nagara
Sababaraha kahayang kuring nungtutan bisa laksana
Nepika, ampir sakabeh pangeusi dunya ka kawasa

Lamun ayeuna kuring ngaca... lain dina jandela
Tapi kaca ngagenclang herang
Batangan emas jadi pigura eunteungna

Ngan nu jadi aneh kaayaanana
Kalangkang sorangan jirimna lain nu baheula
Pasiksak ...teu puguh yuksa
Reremena lebeng poek taya kalangkang sasaha
Dina aya wujud oge, sakapeng...
Ngabeleugeudeg mangrupa Buta
...............


Karanganyar, Maret 2004.

No comments:

Tetap Jaga Protokol Kesehatan