torototheong

Media Berbagi Semoga ada Manfaatnya ...

Breaking

Sunday 9 October 2022

AKANG UDAR TULAK !

 AKANG UDAR TULAK !


Kacaritakeun jaman harita, Mang Bedod papisah rumah tanggana  jeung Bi Ijah. Teu pati jelas asal-usulna kunaon maranehna milih jalan sewang-sewangan. Aya eta oge ibur yen Bi Ijah teu nyaaheun ka budak mang Bedod nu leutik keneh umur 6 taunan.


Tapi poe ka poe minggu ka minggu tetela Bi Ijah inget bae ka Mang Bedod. Ditahan geus teu kuat nahan bi Ijah hayang panggih jeung Mang Bedod. Antukna dina hiji peuting bi Ijah kuat teu bisa sare sakerejep-kerejep acan. Gulang-guling gulinggasahan menahan rindu yang tiada terkira ... hehe.


Bi Ijah ngareret jam dinding nu ngeteyep teu eureun-eurreun, tetela jam dua janari ... kojengkang manehna kaluar ti imah niat rek nepungan Mang Bedod. Poek mongkleng tapi dalah hate geus buleud rek ngajugjug Mang Bedod nu aya di lamping beulah ditu jauh mentasan sawah jeung pamakaman. Teu aya kahariwang komo kasieun manehna ngincig. Top badak top maung ceuk paribasana saking tidak kuat menahan rindu yang menggelayut he.


Teu kacaturkeun kumaha lalampahan di jalan, da buktina syetan, jurig, genderewo oge teu wanieun ganggu kanu kitumah. Bisi wae dihakan ari pok teh ceuk maranehna (syetan, jurig jeung genderewo).


Srog Bi Ijah kana panto Imah Mang Bedod. Bergetar dan berdetak keras jantungnya ...he


Kang, Akang Udar Tulak !, uing rek kadinya ...

Na rek nahaon? ari pok teh sora mang Bedod nembalan semu nyentak

Hayang panggih jeung budak, ceuk bi Ijah

Lah mun arek oge bareto bageur ka budak waktu bareng keneh jeung kuring, geus kaditu balik moal di buka tulakmah ...

Bi Ijah ngahuleng teu ngomong deui, satengah jam manehna ngajentul hareupeun panto. Tetela Mang Bedod teu ngelol-ngelol kalah kadenge sora kerek nyegrok.


Bi Ijah ngolesed tuluy balik mingpiut ....















No comments:

Tetap Jaga Protokol Kesehatan