torototheong

Media Berbagi Semoga ada Manfaatnya ...

Breaking

Tuesday 13 January 2009

Puisi Sunda


OWAH GINGSIR

Basa kuring can boga pangala
Mun rek liar, ngeunteung teh saukur dina kaca jandela
Teu atra... tapi sakadar waruga jelema mah katara.

Lila ku lila
Hasil ihtiar ku kebek tanaga...kuring dipercaya jadi jalma
Malah ayeuna dikersakeun jadi pajabat nagara
Tungtungna teu sirikna pangeusi dunya ka kawasa

Lamun ayeuna kuring ngaca
Batangan emas jadi pigura eunteungna
Ngan nu jadi aneh pikeun kuring
Kalangkang sorangan jirimna teu puguh yuksa
Reremena lebeng tara aya sasaha
sakapeung-kapeng
Ngabelegedeg mangrupa buta
...............

U.Gunawan.
Karanganyar, Maret 2004.


JAMPE

Panon poe geus manceran
Saban lengkah dipirig ku keclakna kesang
Hate ampir leeh kapanasan

Nu diteangan teu daek bae nembongan
Nu dipikiran teu daek jadi kasinggetan
Kahayang hate digular gilir teu daek merenah dina kapancegan

Unggal jalan nu disorang teu daek srog kana tempat nu disawang
Unggal lampah nu dilakonan teu daek jlog kana tungtung bebeneran
Kabehna ngan ukur bras jeung bras ka tempat pagaliwotana
kasalahan jeung kakurangan

Mangsa panon poe lingsir ngulon
Nu aya ukur sabaranyay kasinggetan
Satungtung neangan kulon, wetan deui-wetan deui
Satungtung neangan pinter, bodo deui-bodo deui
Satungtung neangan beunghar, miskin deui-miskin deui


Mangsa wanci reup-reupan
Sarerea mending oge tumarima
Kana naon nu sagembelengna karandapan.



U Gunawan
Karanganyar, Januari 2004


PANYAKIT

Jaman beuki maju panyakit beuki mahabu
Ubar balatak panyakit mayakpak
Ngalungsar unggal waruga
Mangsa meunang cocoba

Tapi keun.. sarerea oge tumarima
Babasan asal ulah lila
Da ari kabageanmah kitu kuduna
……..

Panyakit lahir panyakit bathin pasuliwer
Campuh
Panyakit rieut panyakit heureut
Papuket

Hawar-hawar aya beja
Panyakit baheula tapi ayeuna nerekabna
Panyakit Rabun tapi sanes rabun jauh atawa deukeut
Tapi Rabun Masjid
Sedengkeun di Optik nu balatak lensa Diskotik

Matak omat sing sedep Vit. A*

* Agama.



U Gunawan
Karanganyar,
Desember 2005 Katompernakeun

No comments:

Tetap Jaga Protokol Kesehatan