Unggal jalan nu disorang teu daek srog kana
tempat nu disawang
Unggal lampah nu dilakonan teu daek jlog
kana tungtung bebeneran
Kabehna ngan ukur bras jeung bras ka tempat
pagaliwotana
kasalahan jeung kakurangan
Mangsa panon poe lingsir ngulon
Nu aya ukur sabaranyay kasinggetan
Satungtung neangan kulon, wetan deui-wetan
deui
Satungtung neangan pinter, bodo deui-bodo
deui
Satungtung neangan beunghar, miskin
deui-miskin deui
Mangsa wanci reup-reupan
Sarerea mending oge tumarima
Kana naon nu sagembelengna karandapan.
Karanganyar, Januari 2004
No comments:
Post a Comment