Carpon
PAPASTÉN
Euis Cucu Sukmanah
Dina bulan Désémber taun ayeuna kabeneran ngeyes usum hujan. Geus biasa ari bulan ber-beran mah, teu sirikna hujan beurang peuting taya kendatna. Dug-cur. Sakapeung dibarengan ku angin jeung dor-dar gelap. Éstu matak kareueung.
Imah Darma di palataran handap sisi walungan, lamun hujan tara tenang, gegebegan sieun aya caah. Nya kabuktian bulan Nopémber kamari, imah bilik Darma jeung tilu imah tatanggana nu sarua imahna sisi walungan, katut sasak gantung, kateumbrag caah, runtuh, kabawa palid.
Usaha Darma sapopoé ngawarung leuleutikan di imahna, dagang béas, sayuran, jeung kadaharan. Bubuhan imahna deukeut sasak gantung, pangeureunan jalma nu liwat rek nyasak, jeung pangulinan barudak ngora.
Pamaréntah jeung masyarakat sa-kacamatan karunyaeun. Aya méré bantuan sapuluh juta keur nyieun imah, tatanggana ogé nyarumbang sabogana, aya duit, pakéan, kai, alat dapur, béas, mié, jeung sajabana. Malahan aya ogé tatangga nu haat méré hibah taneuh di palataran rada luhur keur diimahan, supaya aman tina caah walungan.
Tatanggana réréongan ngawangun imahna, ngajajadikeun duit sapuluh juta. Keur nyuguhan nu digarawé ogé sarua ngandelkeun panyumbang. Duit sakitu téh teu mahi nepi ka rapih. Acan aya jandéla, kaca, keramik, jeung lalangit. Sakitu gé bungaheun pisan Darma jeung Asih mah. Nu penting iuh.
Dina bulan Désémber katompérnakeun, geus taya bantuan nanaon. Darma ngahuleng, ngahurung balung, ngumbar lamunan dina émpér imahna, bari nyerangkeun nu keur digarawé ngoméan sasak gantung nu ruksak ku caah. Mikiran nasib, kudu kumaha pilakueun, mangkaning Asih pamajikanna keur bureuyeung bulan alaeun.
"Kang, kunaon éta mani anteng ngahuleng?"
Asih nanya bari nyodorkeun cai haneut dina emuk.
"Keur mikiran nasib wé, Nyi. Bingung pileumpangeun." Darma némbalan bari nampanan emuk. Regot diinum.
"Emh ... muhun, Kang. Nasib urang téh kaleresan nuju tiis. Ujian ti Alloh, urang kedah éling. Badé kumaha atuh pilampaheun urang?"
Asih carindakdak, ras ka diri, taya pangaboga.
"Nya éta, Akang ogé bingung. Rék wawarungan deui ogé, pan teu aya modal. Jaba butuh waragad pikeun ngalahirkeun."
"Muhun. Kumaha atuh saupami nambut artos ka Haji Sobur, kanggo modal ngawarung, dagang deui. Pan sasak gantung nuju dihadéan, téréh réngsé. Tangtos ramé nu ngalangkung. Sésana kanggo waragad ngalahirkeun."
Asih méré bongbolongan ka salakina.
"Tah, enya. Sugan wé Haji Sobur karunyaeun jeung percaya ka urang. Meureun nginjeumna kudu rada gedé, nya? Haté Darma rada ngemplong, gedé harepan.
"Ulah ageung teuing, cekap lima juta wé, bilih teu kataur," ceuk Asih méré kamandang.
"Enya, cukup lima juta gé." Darma nyaluyuan.
Geus kitu mah, Darma gilig rék nginjeum modal ka Haji Sobur. Kencling indit muru imahna.
Teu kungsi lila sabot Asih bébérés di imah, Darma datang. Mani sumringah paroman marahmay.
"Kumaha, Kang? Katingalina siga nu bingah. Dipasihan?"
"Alhamdulillah, Nyi. Pa Haji Sobur masihan nambut lima juta. Mulangkeunna mah bisa dicicil saayana. Ayeuna balanja, ambéh isuk geus ngamimitian ngawarung, meungpeung nu digarawé di sasak araya kénéh.
Geus saminggu Darma ngawarung di imahna. Asih nyieun kadaharan saperti bala-bala, géhu, pisang, ulén, comro, lontong, sangu timbel, katut lolodéh ogé aya.
Atuh minuman, cikopi, es jus, minuman botol jeung sajabana. Nu migawéna babarengan, kawantu Asih keur bureuyeung mah teu meunang gawé capé.
Warung Darma téh, tadina ogé geus kajojo. Pangjugjugan barudak jeung nu lalar liwat. Ayeuna gé mingkin ramé, komo sanggeus Darma nyadiakeun papan catur, kartu rémi jeung majalah-majalah loak bacaeun barudak. Pangbebetah pikeun nu jarajan, minangkana mah. Buka Warungna ukur nepi ka tabuh salapan peuting.
Tilu poé deui kana maleman taun anyar, ti isuk kénéh hujan ngecrek, dibarengan angin jeung guludug. Malahan cenah di kampung tatangga mah aya tangkal kai rungkad ka jalan, ninggang mobil nu liwat. Haté Darma jeung Asih, ayeuna mah tenang, ngarasa aman pédah imahna di tempat rada luhur. Masing hujan gedé caah ngagulidag ogé, moal kacaahan.
Hujan rada raat. Darma ngomong ka Asih.
"Nyi, isuk jeung peutingan taun baru ayeuna mah, Akang rék nyobaan dagang tarompét, nya?"
"0h, badé icalan tarompét? Ngadamelan heula, atawa ngagaleuh deui ti nu sanés? Asih nanyakeun. Panasaran.
"Nya, meuli wé ti grosir. Nyieun heula mah geus taya waktu.
Mun geus raat, rék balanja tuluy dadasar di Alun-alun.
"Mangga, Kang. Kadé sing iatna, mugia salamet laris manis. Nyai mah badé dagang di bumi wé, susuganan maréma," témbal Asih bari tonggoy ngitung duit.
"Ieu kanggo balanja tarompét. Cekap lima ratus rébu? Asih ngasongkeun duit, nu ditampanan ku Darma.
"Cukup!" jawabna bari kencling indit balanja, dianteur paneuteup geugeut nu jadi pamajikan.
Sapopoé maju ka burit, ngajejengkruk dadasar dagang tarompét. Naha da teu payu hiji-hiji acan. Padahal réa jalma nu balawiri lalarliwat. Ditawaran téh garideug waé. Haté Darma mimiti humar- hemir, sieun teu payu. Pasti rugi. Beuteung kukurubukan ménta eusi. Untung tadi mekel ti imah. Brak dahar.
Sabot keur dahar, aya dua budak nyampeurkeun.
"Mang, tarompét sabarahaan?"
"Lima rébuan. Badé ngagaleuh sabaraha hiji?"
"Ieu aya artos dua belas rébu, tapi hoyong tilu da kanggo rai, hiji," ceuk budak bari ngasongkeun duitna.
Darma ngahuleng, tadina mah hayang lima rébuan, da modalna ogé tilu rébuan. Karunyaeun. Itung- itung ngalarisan. Tuluy duit ditampanan.
"Mangga, Jang. Nyandak tilu! Nyanggakeun barangna, nampi artosna."
Tara poho Darma mah kana ijab qobul mun jujualan téh, sanajan ka budak.
Saméméh magrib, aya bapa-bapa perlénté turun tina mobil, nyampeurkeun.
"Mang, beli terompétnya 60. Berapa satunya?"
"Silahkan, Pak! Satunya lima ribu rupiah."
"Masukkan ke mobil, nih uangnya!"
"Terima kasih, Pak. Uangnya saya terima, dan ini barangnya saya masukkan ke mobil. Ada bonusnya dua, Pak."
"Iya, terima kasih."
Si bapa cakah-cikih mantuan méréskeun tarompét kana mobil.
"Kalau boléh tahu, untuk siapa bapak beli terompét banyak?"
"Ini, untuk anak-anak di Panti Asuhan, biar nanti bisa sama- sama memeriahkan malam tahun baru."
"Ooh, smoga berkah buat kita semua. Aamiin."
Darma ngarasa reueus kana kahadéan Si Bapa.
Maju ka peuting, jalma mingkin réa. Kabeneran halodo. Tabuh salapan dagangan tarompét geus payu kabéh. Haté Darma bungangang, balik modal katambah aya leuwihna. Gura-giru mulang, inget waé ka nu di imah, melang ka nu mendeyang.
Sadatangna ka imah, kasampak pamajikannana keur ngedeng, bari pupuringisan nahan kanyeri.
"Nyi, akang datang. Alhamdulillah tarompét payu kabéh," pokna bari sasalaman.
"Syukur alhamdulillah, hatur nuhun, Ya Alloh. Parantos maparinan rizki ka kulawarga abdi."
Asih dareuda, bungah usaha salaki aya dina kalancaran. Cipanonna murubut.
"Kang, warung tutup wanci Magrib ogé, da awak abdi asa nyareri, ting celetit, padaharan mules jaba bobokong panas." Asih nyaritakeun kanyerina.
"Euleuh-euleuh, Geulis. Boa rék ngalahirkeun? Sok bébérés atuh, hayu urang ka rumah sakit! Akang rék néang Mang Andi ngaréntal mobilna."
Teu lila anjog ka rumah sakit. Dipariksa di ruang IGD, Bidan jaga anu nguruskeun. Asih kana ranjangkeun, geuleuyeung ka ruang bersalin. Didorong ku tiluan.
"Yang lainnya, tunggu di luar saja. Nanti diberi kabar." Saurang bidan méré béwara.
Darma jeung Mang Andi dariuk di ruang tunggu bari teu petot ngadunga ka Gusti pikeun kasalametan Asih jeung orokna. Darma cilingcingcat teu puguh, haténa tagiwur.
"Pak Darma, suaminya Bu Asih!"
Saurang bidan norojol.
"Ya, Bu. Apakah sudah melahirkan? Bagaimana keadaan istri dan anak saya?" Darma teu sabar, hayang apal.
"Alhamdulillah, sudah Pak. Tapi mohon maaf, kami semua sudah berusaha, hanya Alloh yang mentakdirkan lain.
"Ibu dan bayi saya, selamat kan, Bu? Darma tagiwur, haténa geus teu paruguh.
"Bayinya perempuan, cantik dan sehat. Hanya ibunya tidak tertolong. Yang sabar, ya, Pak!" Bidan ngarerema.
"Apaaa?!"
Leng, tetempoan Darma asa paroék. Awakna leuleus.
"Asiiiih, hampura Akang!" Darma ngagorowok, tapi nyelek na tikoro. Cipanon murubut teu kaampeuh. Leungit dikalalakian ari keur sedih kitu mah.
"Mari masuk, Pak!"
Bidan ngajak ka jero. Nyampak Asih ngajepat, sepa, Mésem. Bubuhan istri sholéh, bageur. Tumut ka salaki. Rumah tangga salila lima taun, can pernah aya pacogrégan. Darma neuteup leleb. Dirawu, digaléntoran. Teu nyangka sacongo buuk, Asih bakal pondok umurna.
"Jungjunan, katresna, kanyaah, kaasih Akang, horéng urang babarengan ukur nepi ka dieu. Hampura Akang can bisa nyugemakeun. Turunan anu dipicangcam beurang peuting, geus dikobul ku Alloh, tapi salira kalah ninggalkeun. Akang jangji baris ngurus budak kanyaah urang duaan.
Bral, Geulis! Anjeun miang ka kalanggengan. Surga geus nganti pikeun cicing salawasna."
Désémber kaliwat, mapag warsa anyar. Ngagayuh ka subuh hujan ngaririncik, marengan marudahna haté Darma jeung murubutna Cimata tunggara, cicirén nu hamo ilang, sanajan geus ganti mangsa. ****
Ciamis, 12 Januari 2022
=======================================
Kita diperintahkan shalat dengan tata cara yang telah diajarkan oleh Nabi shallallahu ‘alaihi wa sallam, beliau bersabda:
“Shalatlah kamu sebagaimana kamu melihatku shalat.” [HR. Bukhari]
No comments:
Post a Comment