torototheong

Media Berbagi Semoga ada Manfaatnya ...

Breaking

Monday 17 July 2017

NU NGAROJER WANCI JANARI

Carpon : Uju Gunawan NU NGAROJER WANCI JANARI Peuting mimiti simpe tina kagiatan-kagiatan kahirupan biasa, panto imah tatangga katingali geus narutup kalayan lampu geus mimiti pus pes diparareuman. Nya pantes we da wanci geus leuwih ti tabuh 11 peuting kalayan kaayaan di lembur pasisian ngan saukur kaliliwatan ku jalan desa, aya oge motor atawa kandaraan sejena ngaliwat cacarangan malahmah kerep keneh seahna angin nu ngahiliwir meupeuskeun jemplingna peting. Beda deui jeung kagiatan dina frekuensi tambah peuting tambah muwuh nu marakena, malum harita teh keur usum-usumna “ngarojer” kira-kira taun 1995 – 1998 marake gelombang FM bagian handap. Alatna kawilang saderhana bisa dijieun dilembur sabab ngan saukur alat pemancar radio tapi ieu mah dipakena pikeun ngobrol wungkul, lumayan jangkauananamah kawilang jauh bisa nembus puluhan kilometer malah sigana bisa ratusan komo lamun dipancarkeun ti daerah luhur norobos tepung jeung daerah luhur deui. Kabeneran lembur singkur kuring teh ayana dina palataran luhur katelahna Desa Karanganyar jadi pikeun mancarkeun sinyalmah kaasup hade. Sabenerna ti wanci sabada isa keneh kuring geus uplek ngobrol jeung tatangga anu jarakna paling kana tilu kilometeran ti imah. Nelahna Kang Age ari di frekuensimah da ari ngaran sapopoenamah Agus malah ayeunamah tos jeneng janten Bapa Rurah. Bahan anu diobrolkeun biasa we dongeng sapopoe, lolobanamah ngobrolkeun kumaha kualitas sora katampana, kitu jeung kitu terus bari hayoh di uprak-oprek pesawatna. “ Break join kadangu teu nu abdi Kang Age ?” Kitu minangka kecap-kecap bubuka mimiti nyambung di frekuensi. “ Mangga-mangga ka kuping Kang Galuh, cek modulasi kumaha nu abdi katampina kapalih dinya ?” sora kang Age anu dipirig ku musik lalaunan kalayan nu ngawihna Nining Meida. “ Di kopi, sae-sae kualitas bas trible seimbang, vokal bening, sinyal kuat report balik nu abdi kumaha dugina kapalih dinya kitu rojer ganti “, kitu jeung kitu topik pembiacaraan teh katambahan ku wangkongan naon bae nu kadupak tanpa aya rencana jeung persiapan ngabuluyur sakaparan-paran pareng lamun manggih pikaseurieun ngehkeh nepi ka rambay cimata. Uplekna ngobrol teh sok sanajan aya digelombang handap sakapeungmah sok loba nu ngabandungan tina radio, atuh isuk-isuk teh sok guyur komo lamun bahan nu diobrolkeun rada-rada aheng. Kalemahanana kusabab frekuensina sakapeng galasar-gulusur kaluhur kahandap kadang-kadang ngadupak gelombang TV atuh siaran anu keur dilalajoan jadi rumek, ririakan sakapengmah bijil sora anu keur ngarojer. Pantes we lamun nu keur lalajo TV murukusunuh. Alatan eta biasana ngarojer teh sok kapeutingnakeun malah kajanarinakeun lamun rek ngobrol jeung nu jarauhmah da sakadar ngobrol jeung tatanggamah lokalan istilahna bisa bae sinyalna dileutikan. Basa keur uplek ngobrol jeung kang Age diantara spasi aya kadenge anu rek asup. “ Break join Kang Galuh, manawi kadangu nu abdi ti palihan Jelegong kitu ganti” hiji sora nu tos rada kenal di frekuensi kadenge ngagentraan hawar-hawar. “ Tah aya nu break join “ ceuk kuring ka kang Age “ Mana can ka kuping kadieumah, cobian tampi heula atuh “ Ceuk kang Age bari semu rada aneh sabab teu aya teu kamonitor kana radiona. “ Iya kang Age ka kuping aya nu break join ke urang tampi heula nya manawi ki sobat ti palih mana yeuh” “ Enya-enya sok didieu ongkoh rada tiris paingan tos jam 12.30 bade ngadameul kopi heula sambil stand by kitu rojer”, ceuk kang Age mere kasempetan pikeun narima rekan nu cikeneh ngageroan. “ Muhun atuh mangga bade ngopi heula mah tapi kade katiduran abdi bade nampi rekan heula, mana anu join nembe silahkan masuk ganti” “ Rojer dimonitor hatur nuhun Kang Galuh, cek modulasi kumaha ayeuna katampina kapalih dinya “, kitu sora anu muncul hawar-hawar “ Dimonitor mung sinyalna alit teu acan pas, ke.. ke dupi ieu sareng saha? ti palih mana? mohon informasinya kitu ganti” “ Di ganti, sok ieu sambil dilelempeng, abdi Acil ti palihan Jelegong anu sempet ketemu di udara tiga malam yang lalu sama kang Galuh piraku tos hilap kitu rojer ganti “ “ Oh muhun-muhun kang Acil ti palihan Jelegong, lokalan sareng Kang Ahoy nya … tos bagus ayeunamah.. tadimah Kang acil beberapa kace di bawah saya jadi teu ngepas, kamana Kang ahoynya sekarang, report balik kumaha nu abdi kitu rojer ganti “ “ Di ganti kembali, numawi nuju teu aya rencang lokalan ieu teh, kakuping aya kang Galuh nyobian lebet nembeteh sementara sinyal sareng modulasi ti palih dinya bagus langkung sae batan tiga malam yang lalu, iraha kang Galuh bade amengan ka palihan jelegong kitu ganti” “ Di monitor nuhun atuh upami langkung saemah, muhun aya maksad amengan ka palih dinya teh sakantenan jalan-jalan kumaha perkawis jalana ayeuna ka Jelegong, sareng kumaha ceritana digentos radiona kitu, wireh nu abdi tiasa katangkep langkung sae, ganti “ tembal teh bari enya ongkoh geus sababaraha waktu aya niat jalan-jalan ka pakidulan anu ceuk beja situasina wararaas. “ Muhun atuh diantos, perkawis jalan sakinten sae, upami ka abdi kantun naroskeun ka warung nu caket lapang tangtos aruniangaeun cuang ngaraliwet sakantenan sareng lokalan ti palih dinya, perkawis katampi langkung sae mungkin wireh abdi ngalih posisi ayeunamah janten ka pasir kitu ganti” Kitu tembal ti beulah peuntas mani eces jentre malah sorana oge mani ngoncrang ongkoh deui latarna mani asa jempling beda jeung ari ti kang Age anu latarna aya Nining Meida sakapeng sora toke harianeun matuh ari sora jam dindingmah anu ting beletrak. Ngobrol teh anteng ngaler ngidul sakumaha biasa cumarita difrekwensi nu tara pati puguh topikna, ngan nu teu poho teh diantarana tungtungna kalimat waktu amprok di udara harita. “ Kang Acil dipalihan Jelegong, hatur nuhun kana panghayapna, Insya Allah dinten Minggu rupina abdi bade kadinya sareng kang Age hoyong tepang sareng kang Acil oge lokalan palih dinya, oge mamanawian gaduh antene nu sae bade ngagentosan he he kitu ganti” heureuy maksudteh etamah tapi ongkoh biasa ketang saling pasihan alat seputar perlengkapan pesawatmah, naon we nu rada aheng biasa sok silih tukeran dina raraga ningkatkeun daya pancar. “ Aya-aya antenemah mangga tiasa dicandak kaleresan nu abdimah nganggo antene handap oge bubuhan di pasir pisan masih keneh tebih jangkauanana, omat diantos sing dugi kadieu teu kenging mung jalan-jalan ngalangkung wungkul, kanggo sementawis abdi bade lungsur tina frekuensi salam ka sadayana, hapunten nu kasuhun tujuh tiga dauble delapan cerio “ Ceeeees sora frekuensi kosong mani asa seah. Teu kaburu dibales kekecapanateh ongkoh cenah langsung cerio ieuh. Ngareret kana Jam dinding tos tabuh satengah dua berarti aya kana sajamna bieu ngobrol jeung nu ngarana Acil, ras inget ka Kang Age boa-boa katiduran yeuh umat “ Kang Age, Kang age aya keneh difrekuensi ?” ngahaja volume dibadagkeun sangkan bedas bisa ngagudagkeun saupama kang Age nundutan. “ Aya-aya “ pakulutrak sora kang Age anu semu-semu beurat ku tunduh. “ Yeh kamana bae stan by teu bieu ?” “ Aduh katiduran, atuda teu kamonitor lawan bicarana ngan uplek we sorangan Kang galuh wungkul" “ Ah piraku sakitu badagna kadieu ?” tanya teh, tapi da bisa bae ari urusan frekwensimah kadang sok aya kituna mungkin posisi Kang age teu merenah sareng posisi kang acil lawan bicara tadi. “ Yeuh Kang Age poe Minggu cuang ka Jelegong jalan-jalan nepungan lokalan Kang Acil bari ningali pesawat urang ditu kumaha, siap ?” tempas kuring deui da Kang Age teu ka kuping ngobrol nanaon siga nu anteng ngahuleng duka ngalenyap deui nuluykeun nu tadi. “ Ka Jelegong, hayu atuh kaleresan pas teu aya acara sampeur we kadieu nya “ “ Iya dagoan sa disampeurna rada-rada pasisiang “ Pondok carita harita geus poe minggu malah motor geus nyuruwuk maju ka kidulkeun nanjak kana tanjakan nu tarahal. Jalan aspal nu geus ruksak nambahan karasa beuratna tanjakan. Kira tabuh 10 jlog nepi ka lembur Jelegong nu dituju teh lapang maen bal bari rarat reret neangan warung. Breh aya warung sisi kidul warung basajan katingali nu dagangna keur ngeprukan bari ngelapan meja sigana tas aya nu ngopi da masih ngabarak geulas urut kopina. “ Bu punten bade tumaros dupi bumina Acil palihmana ?” “ Acil… acil mana nya ?” tukang warung kalah malik nanya “ Ari ngaran di daratna saha ?” Ceuk Kang Age ka Kuring “ Numawi duka saha hilap teu kataroskeun “ “ Ke..ke dupi kenalna dimana ? “ tempas si ibu warung “ Kenalnamah upami nuju nyarios dina radio, ngarojer… abdi nyariosteh tilu wengi kapengker malem Juma’ah “ “ Ke..ke kadieu caralik heula ujang !”,ceuk si Ibu warung semu reuwas “ Kumaha kitu ibu “ “ Ku ibu tos kataksir upami Acil etamah “ “ Hatur nuhun atuh ibu dupi bumina palih mana ?” Kuring panasaran “ Mung kieu masalahna, Acil anu dimaksad parantos pupus opat wengi kapengker, pas na malem Kemis muhun murangkalih eta teh sok ngarojer ampir unggal wengi malihanmah pupusna teh alatan kasetrum nuju ngarojer sareatnamah” Gebeg kuring ngagebeg kitu oge kang Age siganateh, komo lebah ngadenge maotna malem Kemis sedengken basa uplek ngobrol Malem Juma’ah. Masih untung keneh harita teh pabeuberang malahan tengah poe ereng-erengan jadi teu sieun-sieun teuing. “ Inalillahi wa ina ilaihi rojiun… Bu dupi bumina palih mana ?” ngahaja teu dipanjang-panjang obrolanteh bisi ngagareuwahkeun “ Tah bumi ibu ramanamah eta di pentaseun warung ieu, di kurebkeunamah itu di pasir dina pemakaman umum salembur “ Ceuk si Ibu warung ngajentrekeun. Sabada nganuhunkeun kuring jeung kang Age pamitan ka si Ibu Warung maksud teh rek nepungan kulawargana Acil tea, ngan diparengkeun kulawargana teh keur suwung anu aya teh tilu urang rumaja nuju caralik di teras, sabada kenalan tetela tinu tiluan teh aya kang Ahoy tea anu sarua sok ngarojer. Teu hese akrab da nu ngarana sobat di frekwensi saupama tepung di darat sok langsung pada loma eta oge kitu, ngan sabada ngalalakonkeun sakumaha tadi ka si Ibu warung sakabehna oge ting haruleng hareugeueun. “ Kang Galuh saleresna abdi di dieu oge ngariung nuju ngemutan hal nu aneh, marga lantarannana seperangkat pesawat ngarojer anu Acil kapendak tos teu araya, teu katawis ti kawitna kapendak soteh wireh abdi saparakanca lungak longok kana kamer tempat ngarojerna “ Kang Ahoy ngadadarkeun pangalamanana “ Baruk kitu, moal aya nu malingmah kang Ahoy “ Ceuk Kang Age nempas. Kuring oge sapamikiran sarta lamun digabung-gabung pantes lamun aya nu heureuy ngaku-ngaku Acil make pesawatna ladang maling sabab aya kalana kitu vokal bisa mirip lamun nganggo pesawat nu sami. “ Tiasa janten kitu oge, tos we lah ayeunamah teu kedah ngemutan eta mangga urang teraskeun wae ka rorompok abdi “, ceuk kang Ahoy ngajak ka kuring jeung kang Age. “ Hatur nuhun Kang Ahoy, mung ieu teh asa panasaran upami tiasa mah hoyong ningali makam Acil sakantenan ka palih dieu “, Ceuk kuring satengah ngajak ka sarerea. “ Kitu mangga da caket ieuh tuh palih tonggoh, hayu atuh cuang sasarengan “ Bral sarerea miang nanjak netek, ka hiji Pasir. Sabada sababaraha waktu jlog kanu datar bari dibarengan ku kesang nu ngagarajag breh aya gundukan taneuh beureum dihandapeun tangkal samoja nu kawilang jangkung. “ Tah ieu makam Acil teh Kang Galuh “, ceuk kang Ahoy nuduhkeun. Barang ngareret ka luhur samoja, gebeg reuwas luar biasa kuring tutunjuk nu sejen narempo kana lebah nu ditunjuk katempona sarua ngagebeg sabab di luhur samoja ngait antene pesawat sok sanajan rada sengkleh kaayaanana. Karanganyar, 26 November 2006

No comments:

Tetap Jaga Protokol Kesehatan