torototheong

Media Berbagi Semoga ada Manfaatnya ...

Breaking

Friday 17 March 2017

Carpon “KATIL”

Carpon : Uju Gunawan
Harita teh bada solat berjamaah isa, di masjid lingkungan RT.17 RW. 08 lumangsung riungan matuh unggal taun dina petengahan bulan Desember nyaeta ngaroriskeun masalah kas RT. Kuring salaku pengelola kas panjang lebar ngalaporkeun sagala hal nu pakuat pakait jeung perkara duit kas tea. Sabaraha pemasukan, sabaraha pengeluaran oge sabaraha kauntungan nu katampa ku tugu sewang-sewangan. Dina tungtung acara biasa sok dibagikeun mangrupa bingkisan Hasil Kas teu pira ngan saukur kueh, gula jeung kopi tapi najan kitu ari ku loba tugumah kadang nepi ka ngerepkeun waragad ampir kana dua jutaanmah. Eta kabiasaan teh can robah kitu jeung kitu geus ampir 5 taun ti saprak kuring katempuhan jadi pengelola kas RT. Kusabab kitu aya inisiatif kuring ngajukeun pertanyaan bisi diantara warga aya nu boga ide dina masalah bingkisan kas tea. Enya we basa hal eta ditepikeun langsung aya mangrupa usulan ti salah saurang warga. “ Ieu mah kasadayana bae, saupama ka saluyuan di RT urang cuang nyieun Katil, sabab unggal aya nu maot urang kudu nginjeum bae ka RT peuntas sedengken sakitu jauhna saleuheung dina waktu butuh pada neang ari waktu nganteurkeun pan aya antekna silih andeulkeun “ Ceuk Abah Sanip minangka RT manten anu sagala kaputusanana kadang disaluhureun kaputusan RT nu keur jeneng sarta sok diaranggap bae ku mayoritas warga. “ Aeh kuring oge satuju pisan, yeuh sarerea oge bakal merlukeun jeung hiji katangtuan bakal ngagunakeun malah ceuk kuringmah sangkan lamun aya nu maoteun teu kudu kokotetengan atawa ngadadak ngaruksak dipan sakalian nyieun katil teh jeung dipan paranti ngamandianana “ Ceuk Abah Sudin lanceuk Abah Sanip nyaeta salah saurang warga nu sok dipikolot ku salelembur. “ Hade pisan ieu usulan teh, kumaha yeuh kira-kira pendapat warga anu lian ?” Ceuk salah saurang warga anu ngora keneh anu singhoreng teh sora Pa RT anyar kakara dilantik 5 poe katukang. “ Ari kuringmah satuju pisan, malah saupama taun isukan teu menang bingkisan kas oge kajeun lamun waragadna dipake nyieun katil jeung dipanmah “ Ceuk salah saurang warga nu sok pirajeunan obrolananateh pikaseurien “ Satuju…satuju kuring ge “ Ceuk nu sejen pasusul-susul “ Tah lamun kitu tinggal kumaha kasanggup pengelola kas, naha sakira bisa kacumponan tina kas atawa perlu narik deui iuran ti warga “ Ceuk Pak RT nanya ka kuring “ Lah asana bakal kacumponan tina kas oge kajeun teuing teu dibere kopi oge isukanmah “ Si Emang nu sok pikaseurieun miheulaan nyarita da memang baku sok kitu “ Kira-kira sabarahaeun atuh waragadna pikeun nyieun katil jeung dipan teh ? “ Kuring nanya heula da bingung nyanggupanana ari can jelas sabara waragadnamah. “ Ayeuna kieu, samemeh ngitung waragad kuring aya usul lamun seug katarima kunu lian pikeun ngamandian mah samemeh nyieun nu jaman ayeuna sementara ku dipan dikuring aya anyar keneh teu kapake rek dipasrahkeun jadi barang ka RT an dina harti barang sarerea bisi perlu di cet tinggal meuli cet sakalengmah suganwe ngurangan saetik-eutikeun kana waragad “ Ceuk Abah Sudin kokolot lembur tea “ Alhamdulillah atuh tah dipanmah tos dianggap aya ayeuna tinggak katil cik Mang Aday pang goral-goralkeun sabarahaeun piduiteunana mun nyieun katil ku kai be nu gampang dilembur urang ? “ Ceuk Pa RT ka Mang Aday tukang ngebas nu aya di lingkungan RT.17 “ Kaina rek make kai naon kira-kira atawa cuang ngala ti makam kolot bae ?” Mang Aday malik nanya “ Lah kaimah cuang meuli bae kai jati jang pamanggulna atuh ari dadampraknamah keun bae ku tanggkal nangka oge “ Ceuk Abah Sanip nu mimiti usul perlu katil tea “ Atuh ceuk goral-goralmah anggarkeun wae Rp. 800.000,- mah pikeun sapuratina nepi ka jadi “ Ceuk Mang Aday “ Atuh ari sakitu mah gampang, ngan bisi kurangmah sok bae asal laporan heula ka pa RT, ku sakitumah moal pati ngurangan kana Bingkisan Kas taun hareup “ Ceuk kuring netelakeun. “ Tah ari kitu mah sarta sarea sapuk tinggal sok wae ku Mang Aday dipigawe kaina nyokot heula ka mang Karsa atuh da dibere ieuh ari tempo sabulan-bulan baemah komo ieu jang kaperluan sarerea “ Ceuk Pa RT “ Ke lamun sakirana kapake di kuring aya kai tinggal pilihan bae ku Mang Aday di saung tukangeun imah “ Ceuk Mang Dono salah saurang warga nu sok jual beuli kai tapi geus lila pindah pacabakan. “ Kumaha balitunganana Don ?” Abah Sudin nanya muguhkeun “ Lah pilihan be heula, moal ari di engkopkeun sadayanamah atuh sugan saparona-saparona sangkan rada ngurangan kana waragad “ Ceuk Mang Dono ngajentrekeun “ Tah kitu sok atuh tinggal atur-atur ku Mang Aday sarta ke mun geus beres tinggal ngalaporkeun waragadna ka pengelola Kas “ Ceuk Pa RT Mungkas babadamian. Kurang leuwih dua poe ti tas babadamian wanci bada subuh aya pengumuman yen aya saurang warga dilingkungan RT. 17 anu maot. Sakumaha biasa kagotong royongan di lembur sabada solat subuh oge langsung pada daratang maksud mulasara anu maot tea. Wanci nyerelek maju ka beurang sabada mayit geus dimandian, diboehan sarta disolatan tinggal dianteurkeun ka pakuburan kakara sarerea inget yen ari katil teh geus rapih acan di Mang Aday. Ngan sabot kitu tos torojol manten nu maranggul katil diantarana aya Mang Aday anu geuwat tamada ka Pa RT yen katil teh can rapih, ieumah biasa we nginjeum ti RT peuntas. “ Nya ari can rapih mah mahade kumaha, piraku aki Jahimi dihulag maot ayeunamah “ Ceuk si Mang nu beuki heureuy ngabodor dinu kapapatenan “ Puguh sugan teh moal aya nu maot rusuh-rusuh “ ceuk Mang Aday saruana “ Geus lah tong rame bisi layon ki Jahimi teu daekeun tumpak katil ieu ari apaleun nang nginjeummah “ Ceuk salah saurang warga nu titadi ngabandungan obrolan. “ Ari kitu tinggal kumaha ayeuna Katil nu keur dijieun teh, Mang Aday ?” Pa RT nanya ka Mang Aday “ Kantun dadamparna wungkul teu acan di sugu “ tembal mang Aday “ Enya atuh buru beresan bisi si Mang Eta rek rusuh make “ Ceuk Pa RT bari nunjuk ka si Mang Bodor “ Ih amit..amit “ si mang Bodor ngabirigidig Gancangna carita dua poe ti saprak aki Jahimi Maot katil anu dijieun ku Mang Aday teh tos rengse. Mang Aday tos laporan ka RT malah ari waragadnamah tos lunas dibayar ditalangan heula ku kuring. Ngan nu jadi pasualan eta katil teu daek aya nu neang. Kungsi aya beja rek disimpen di gigireun masjid RT tapi ajengan kurang satuju cenah bisi barudak sarieuneun ka masjid, atuh teu jadi. Aya oge beja cuang ditunda di astana siga di makam salelembur tapi masalahna can aya saungna atuh lamun ngahaja nyieun saung waragad deui sedengkeun urut nyieun katil ge pan lumayan. “ Dimana atuh, sugan disaung balong bae atuh anu kuring” , ceuk Pa RW mere alternatif “ Ulah didinya karunya ka Bi Ijah keur mah nyorangan di imahna “ Ceuk salah saurang warga nu apaleun yen saung balong Pa RW gigireun pisan imah Bi Ijah “ Ari diditu ulah didieu ulahmah geus we di gigireun imah kuring “ Ceuk saurang warga, singhoreng Abah Sanip anu mimiti ngusulkeun sangkan nyieun katil tea. “ Ke heula, da asa teu merenah ari ditunda digigireun imah-imah teuing mah” Ceuk Pa RT teu nyatujuan “ Ari geus rek dimana atuh piraku dianteup wae di imah Mang Aday “ ceuk nu lian “ Enya puguhanan pamajikan kuring geus ngutupluk bae majarkeun teh sieun ari kaluar rek abdas subuh, mani kudu dianteur wae siga baheula keur pangantenan “ ceuk mang Aday nembrakeun pangalamanana “ Ke dimana atuh nya ? “ Pa RT bingung Sarerea oge dina jero hate rada satuju di masjid siga disabagian RT batur, tapi lamun dipaksakeun sieun matak teu enak kaajeungan ke teu suhud ngawuruk barudak. Sarerea ngahuleng mikir dimana anu lewih merenah ieu panundaan katil tea. Saking ku karunya ka Mang Aday eta katil digarotong ka pipir imah Pa RT. Meunang sapeuting isukna kadenge hog hag salaki pamajikan ceunah nu kawarung sarieuneun sakalieun rek meuli obat nyamuk oge da kabeneran pa RT teh ngawarung. Atuh isukna katil digarotong deui ka imah Pa RW. Meunang sapoe sapeuting isukna sarua hog hag salaki pamajikan majarkeunteh kamari ibu-ibu Pos Yandu horeameun kumpul di imah Bu RW barudak balitana bisi kuma onam. Atuh rigidig deui katil digarotong ayeunamah nu ditujuna teh Pos Kamling, tapi ari isukna isuk-isuk Hansip laporan ka Pa RT yen peuting tadi teu aya nu ngaronda saurang-urang acan. Sarerea ngahuleng semu bingung ..... Nepi ka ayeuna mangsa carita ieu dipungkas eta katil can puguh padumukanana. Karanganyar, 12 Desember 2006

No comments:

Tetap Jaga Protokol Kesehatan